Kembali lagi bersama saya dipostingan yang ke-2.
Kali ini saya sudah menulis contoh naskah biantara yang sangat singkat mengenai kebersihan, dan saya mengambil referensi dari beberapa sumber. Jadi, mohon maaf apabila ada persamaan dalam penggunaan bahasa, kata ataupun kalimat.
Let's Check This Out..
KABERSIHAN LINGKUNGAN SAKOLA
Assalamu'alaikum warohmatullohi wabarokatuh
Bapak/Ibu Kepala Sakola nu ku simkuring dihormat,
Bapak/Ibu Guru nu ku simkuring dihormat,
Sareng rerencangan sadaya nu ku simkuring dimulyakeun
Langkung tipayun hayu urang sasarengan dastakeun puji sinareng syukur ka Alloh nu Maha Suci, sabab urang sadaya tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat. Teu hilap, sholawat sinareng salam mugi salamina ngocor ka junjungan urang sadaya nyaeta Habibana Wanabiyyana Kanjeng Nabi Muhammad SAW. ka para kulawargina, para sohabatna, dugi ka urang sadaya salaku umatna anu anut ka mantenna dugi akhir jaman.
Hadirin nu ku simkuring dihormat,
Simkuring ngadeg didieu maksadna bade medarkeun biantara nu jejerna Kabersihan Lingkungan Sakola.
Kabersihan teh mangrupakeun hiji hal anu kedah ku urang sadaya diperhatoskeun, naon margina? Sabab kabersihan teh tiasa ngukur kaimanan urang dugi kamana. Dina hadits oge tos aya nu midangkeun ngeunaan kabersihan, nyaeta "Anna dlo fatu minal iman" nu hartosna "Kabersihan teh sabagian tina iman". Janten upami urang teu ngajagi kabersihan, khususna kabersihan lingkungan sakola, tos tangtos urang kaasup jalma nu teu beriman.
Ku kituna, urang salaku siswa/siswi oge jalmi anu beriman kedah tiasa ngajagi kabersihan lingkungan khusuna lingkungan sakola ieu. Mung sateuacan urang ngajagi kabersihan lingkungan sakola, urang kedah ngajagi heula kabersihan awak urang sorangan. Insyaallah urang sadaya nu nempatan ieu tempat bakal sehat, tebih tina panyakit nu datang ti kotorna lingkungan.
Hadirin nu ku simkuring dimulyakeun,
Mung sakitu anu tiasa ku simkuring didugikeun. Mugia aya mangpaatna khususna ka diri simkuring nyalira, umumna ka urang sadaya. Hapunten bilih aya kalepatan atanapi kakirangan.
Wassalamu'alaikum warohmatullohi wabarokatuh.
Yaa, begitulah contoh naskah biantara yang sangat singkat. Semoga bermanfaat.
Jika ada kritik, saran, atau ingin request tentang tugas sekolahnya supaya dibantu silakan komentar dikolom yang sudah disediakan.
Wassalamu'alaikum...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar